B. Daerah

Pertanyaan

Arti judul dalam b.sunda ?

1 Jawaban

  • Judul nyaeta sawatara kekecapan anu ngagambarkeun sacara singget ngeunaan eusi hiji artikel, tulisan atawa bahasan. Judul nyaeta ngaran, identitas atawa cerminan anu ngagambarkeun eusi bahasan tina hiji buku, artikel, warta, jeung sajabana ti eta. Judul biasana ngandung kekecapan anu henteu leuwih ti lima kecap, tapi cukup pikeun ngagambarkeun eusi bahasan.

    Judul bisa dibagi jadi dua rupa judul, nyaeta judul langsung jeung judul teu langsung. Judul langsung nyaeta judul anu hubunganana pageuh jeung bagian utama hiji bahasan, kukituna hubunganana jeung bagian utama hiji bahasan kaciri sacara jelas. Sedengkeun judul teu langsung nyaeta judul anu hubunganana teu langsung jeung bagian utama hiji bahasan, tapi tetep ngajiwaan sakabeh eusi karangan atawa warta.

Pertanyaan Lainnya